close
Lompat ke isi

Amaterasu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Amaterasu
ᮃᮙᮒᮨᮛᮞᮥ
BERJAYA

Guha Amano-Iwato, tempat Amaterasu nyumput.
Nami lian Amaterasu-Ōmikami (天照大御神)
Golongan Déwi Shinto
Linggihna Takama no Hara (Sawarga)
Simbol Panonpoé
Rama Izanagi
Dulur Susanoo, Tsukuyomi
Anak Ame-no-oshihomimi

Amaterasu atanapi Amaterasu-O-Mikami hartosna nyaéta "déwa anu hébat anu nyaangan kahyangan." Anjeunna mangrupi déwi utama dina agama shinto. Disembah salaku déwi panonpoe jeung pangwasa Takama no Hara (Dataran Surga), nyaéta tempat cicing déwa sareng roh. Amaterasu mangrupi putri déwa Izanagi anu lahir ti panon kéncana.[1] Saatos gelut sareng lanceukna, Susanoo, anjeunna kedah ngusir Susanoo ti sawarga, lian ti éta, Amaterasu ogé ngasingkeun dirina ka tempat anu jauh.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Carita Amaterasu nembongan pikeun kahiji kalina dina buku sajarah Jepang anu pangkolotna, Kojiki sareng Nihon Shoki, anu nyaritakeun mitologi alam semesta sareng asal Jepang salaku karajaan.[3] Amaterasu mangrupi salah sahiji ti tilu déwa anu angkat nalika déwa Izanagi ngabersihkeun pameunteuna, saatos perjalanan ti yomi (dunya anu maot) pikeun nyalametkeun pamajikanana, déwi Izanami.[1] Saatos lahir Amaterasu dipercayakeun mingpin sawarga sareng dua sadudulurna anu sanés. Numutkeun kapercayaan agama shinto, sajaba ti déwa panonpoé Amaterasu ogé masihan tuangeun ka sadaya mahluk hirup jeung ngatur siklus siang sareng wengi. Dina sababaraha literatur, kaisar Jepang anu munggaran, Jimmu (660-585 SM) anu ngadegkeun nagara Jepang dina taun 660 SM cenah katurunan langsung ti Amaterasu.[4] Kapercayaan ieu parantos diwariskeun sacara turun-tumurun dina kulawarga kaisar Jepang anu masihan aranjeunna hak ngalaksanakeun kawenangan anu mutlak.[3]

Répérénsi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 dhwty. "Solar Goddess Amaterasu, Divine Ancestor of the Japanese Imperial Family". www.ancient-origins.net (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-09-19.
  2. "Amaterasu". Ancient History Encyclopedia. Diaksés tanggal 2020-09-18. Archived 2014-09-17 di Wayback Machine
  3. 1 2 "Amaterasu". Mythopedia (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-09-18.
  4. "Dewi Matahari Amaterasu, Leluhur Ilahi dari Keluarga Kekaisaran Jepang". nationalgeographic.grid.id. Diaksés tanggal 2020-09-19.

Bacaan salajengna

[édit | édit sumber]
  • Ono, Sokyo (2004). Shinto: The Kami Way. Tokyo: Tuttle Publishing. ISBN 9780804835572. Pemeliharaan CS1: Status URL (link)
  • J. edward, Kidder (2007). Himiko and Japan’s Elusive Chiefdom of Yamatai: archaeology, history, and mythology. USA: University of Hawai'i Press. ISBN 978-0-8248-3035-9. Pemeliharaan CS1: Status URL (link)