James Dean

| James Dean | |
|---|---|
| Babar | James Byron Dean 8 Februari 1931 Marion, Indiana, Amerika Serikat |
| Tilar | 30 Septémber 1955 (yuswa 24) Cholame, California, Amerika Serikat |
| Ngaran celukan | Jimmy Dean |
| Pakasaban | Aktor |
| Taun aktif | 1951–1955 |
James Byron Déan nyaéta aktor Amerika anu geus moyan nalika taun 1950-an, ngaliwatan aktingna dina TV jeung film[1].Déan dibabarkeun di Indiana, 8 Februari 1931 ,manéhna mimiti dipikawanoh tina aktingna ngaliwatan peranna salaku Jim Stark dina film Rebel Without A Cause1955[1]. Akting séjén anungabalukarkeun Déan dipikawanoh nyaéta dina akting salaku Cal Trask dina film East Of Eden 1955 jeung merankeun patani anu rasis Jett Rink dina film Giant 195[1]. Dua film ieu ngabalukarkeun manéhna meunangkeun Nominasi Best Actor Academy Awards[1]. Lian ti éta ngaliwatan Rebel Without A Cause 1955, manéhna suksés bisa ngahontal Nominasi Best Aktor BAFTA Awards[1]. Déan miboga kalangenan balap, manéhna wafat ping 30 September 1955, di hareupeun studiona sorangan, diperkirakeun lantaran serangan jantung[1]. Déan nalika leutik hirup jeung tumuwuh di peternakan bibi jeung emangna di Fairmount, Indiana[2]. Sabada lulus sakol manéhna pindah ka New York pikeun ngahontal cita-citana nyaéta akting[2].
Filmografi
[édit | édit sumber]Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 James Dean(diakses 3 Desember 2011)
- 1 2 James Dean(diakses 3 November 2011)
- 1 2 3 4 5 6 biografi james dean[tumbu nonaktif](diaksess 3 Desember 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
